Monday, January 26, 2015

cerita dongeng lampegan



 Asal Usul Kampung Lampegan

Aya hiji kampung anu pernahna aya di tapal wates antara Kabupaten Cianjur jeung Kabupaten Sukabumi, anu di jadikeun tapal wates teh nyaeta hiji gunung ngarana Gunungkeneng. Disabuderen eta gunung ku pamarentah Hindia Walanda di jadikeun areal opat onder niemeng (perkebunan), nyaeta perkebunan Gunungkancana, Harjasari, Gunungrosa, jeung Gunungmanik.
Ngaronjatna produksi teh ti opat perkebunan kalayan ngagunakeun jalan batu anu sakitu heuret tur jauh tangtu jadi hiji pasualan, pamarentah Hindia Walanda babarengan jeung opat perkebunan ngarencanakeun ngawangun jalan kareta anu naghubungkeun kota Cianjur - Sukabumi sanajan kudu ngorowot taneh Gunungkeneng anu ngabutuhkeun waragad teu saeutik.
Waktu ngaresmikeun jalan jeung torowongan kareta api, pamarentah Hindia Walanda ngadatangkeun rombongan Seni Sunda anu ronggengna geus moyan dina waktu harita nyaeta Nyi Sadea tea. Nyi Ronggeng Sadea nyaeta sri panggung anu geulis rupana, ngahaja di datangkeun  pikeun muaskeun  ngahibur warga.
Dina prungna acara paresmian kampung Cihajuang jadi lautan jalma, pada kataji ku Nyi Ronggeng, umumna kaum lalaki pada kasengsrem pada hayang kaalem, teu lebar mere duit kadeudeh teu hanjakal eusi kanyutkunang udulan, pajarkeun teh nu penting puas hate cenah.
Samemeh pungkasna acara hiburan, aya jajaka gandang anu teu dikenal ku warga satempat ngajak ka Nyi Ronggeng menta dibaturan. Pok si jajaka tea ngomong :
Jajaka                      : “nyai..., kersa teu ngabaturan akang ti sesa weungi ieu dugi ka isuk..., akang teh         kataji...., akang moal tibra sare upama kahayang can katedunan !,   kumaha geulis.......?”.
Nyi Sadea salaku sri panggung gelenyu bae imut bari pok ngajawab :
Nyi ronggeng     : “sumangga, asaal.....!,”.
Jajaka                    : “Asal naon nyai ?”.
Nyi Ronggeng    : “asal.., saluyu jeung tetekon sakumaha mistina”
Jajaka                    : “oh...., tong salempang akang surti, sabaraha pamenta nyai akang pasti....
                                   nyaluyuan  
                Sanggeus pasini, Nyi Ronggeng jeung Jajaka Gandang turun tina panggung muru ka hiji tempat. Teu aya nu apal ieu Nyi Ronggeng di bawana kamana.
Kocapkeun beurangna warga kampung Cihanjuang jadi geunjleung,“ Nyi Ronggeng leungit..........., Nyi Ronggeng  dibawa siluman ....., Nyi Ronggeng dijadikeun parepeh torowongan..........”, beja pabeja-beja masarakat di sabuderen Gunungkeneng  pada gunem catur nyaritakeun kajadian anu kawilang aheng. Ceuk sakaol Nyi Ronggeng dijadikeun parepeh torowongan KA, ceuk sakaol deui dibawa siluman anu ngageugeuh torowongan jeung Gunungkeneng.
 Misteri Nyi Ronggeng Sadea estu bener  kajadian nyata lain rekayasa. Sabagian warga percaya yen Nyi Ronggeng Sadea jadi siluman anu ngageugeuh torowongan jeung Gunungkeneng, malah aya anu nyaritakeun cenah pernah ngawenehan papanggih jeung Nyi Ronggeng Sadea di jero torowongan oge di lingkungan pabrik enteh Gunungkancana.
Sarengsena paresmian jalan jeung torowongan KA, kagiatan patali marga oge perekonomian kampung Cihanjuang ningkat jeung beuki rame bae, kampung Cihajuang pada ngajojo ku para pendatang anu neangan kasab. Kahirupan wargana makmur, Kampung Cihanjuang jadi pusat industri, gudang-gudang panyimpenan enteh ti opat perkebunan  jeung gudang hasil pertambangan emas ngajajar  disapanjang rel kareta, aya toko encek anu dagang sembako, oge anu dagang pakean, kantor pos,  malah tukang dagang daging sapi oge aya.
Aya kajadian anu balukarna ngarobah ngaran kampung Cihanjuang jadi kampung Lampegan. Eta kajadian teh nyaeta kagiatan rutin di stasiun kareta api. Sawaktu patugas  stasiun kareta api marentah ka masinis kalayan ngagunakaeun basa Walanada supaya ngahurungkeun lampu lokomotiv samemeh moncor torowongan. Anu kieu basana teh : “ steek lampen aan !” . Parentah Patugas stasiun eta dijawab ku pa masinis : “siap pa”. Kajadian eta kadangu tur kasakseni ku sabagian para penumpang kareta api oge para pendatang nu rek neangan kasab ka kampung Cihanjuang. “oh...., ieu kampung teh ngarana kampung Lampegan”. Jadi jeulas ngaran Lampegan teh asalna tina basa Walada tina kecap steek lampen  aan  nu hartina hurungkeun lampuna.
Lampegan kiwari jauh beda upama dibandingkeun jeung Lampegan baheula, torowongan  anu jadi maskot Lampegan urug taun 1997 sanajan geus rengse diomean tapi tetep robah teu siga torowongan baheula. Lampegan kiwari kaasup daerah IDT, waragana rea nu miskin, malah ker nyumponan resiko dapur oge 40 % wargana di gawe di luar daerah, sanajan perkebunan teh warisan ti Walanda masih keneh jalan, tapi gajih ayeuna teu saimbang jeung harga beubeulieun. Lampegan baheula kaayaan perekonomian wargana leuwih uncul ti daerah sejen, kaasup daerah kawasan industri.
Para sepuh pasti apal kana jajanan khas Lampegan nyaeta gulali tea, gulali teh kecap memet anu hartina gula liat. Gulali dijieuna tina gula kawung di taheur di campur jahe pikeun gulali rasa jahe, dicampur susu pieun gulali rasa susu. Gulali Lampegan kiwari ngan ukur ngarana wungkul, padahal pengrajin ahli gulali katurunana masih keneh jumeneng. Mugia kaharepna Gulali Lampegan  diberdayakeun kupamarentah pikeun ngarumat budaya kuliner satempat supaya Gulali Lampegan diproduksi deui sohor saperti Dodol Garut, wajit Cililin tauco Cianjur, jeung sajabana.
Mugia kampung Lampegan kahareupna sing saperti Lampegan baheula anu makmur loba anu jaradi haji. Mung sakitu anu kapihatur pamugi ageung pangapunten tina sagala kalepatan sareng kakirangan, permios............. cag.


                                                                                                                Di tulis ku

                                                                                                                Nanang S.
                                                                                                                Cibitung 2













LEGENDA NYI RONGGENG SADEA
                Torowongan Lampegan teh mangrupakeun hiji torowongan anu pangpanjangna di Indonesia anu diwangun ku pamarentah kolonial Hindia Walanda. Wangunan torowongan Lampegan identik jeung dongeng leungitna sacara misterius Nyi Ronggeng Sadea,
Cenah waktu ngaresmikeun jalan jeung torowongan kareta api, pamarentah Hindia Walanda ngadatangkeun rombongan seni sunda anu ronggengna geus moyan dina waktu harita nyaeta Nyi Sadea tea. Nyi Ronggeng Sadea nyaeta sri panggung anu geulis rupana, ngahaja di datangkeun  pikeun muaskeun  ngahibur warga.
Dina prungna acara paresmian kampung Lampegan jadi lautan jalma, pada kataji ku Nyi Ronggeng, umumna kaum lalaki pada kasengsrem pada hayang kaalem, teu lebar mere duit kadeudeh teu hanjakal eusi kanyutkunang udulan, pajarkeun teh nu penting puas hate cenah.
Samemeh pungkasna acara hiburan, aya jajaka gandang anu teu dikenal ku warga satempat ngajak ka Nyi Ronggeng menta dibaturan. Pok si jajaka tea ngomong :
Jajaka                      : “nyai..., kersa teu ngabaturan akang ti sesa weungi ieu dugi ka isuk..., akang teh         kataji...., akang moal tibra sare upama kahayang can katedunan !,   kumaha geulis.......?”.
Nyi Sadea salaku sri panggung gelenyu bae imut bari pok ngajawab :
Nyi ronggeng     : “sumangga, asaal.....!,”.
Jajaka                    : “Asal naon nyai ?”.
Nyi Ronggeng    : “asal.., saluyu jeung tetekon sakumaha mistina”
Jajaka                    : “oh...., tong salempang akang surti, sabaraha pamenta nyai akang pasti....
                                   nyaluyuan 
                Sanggeus pasini, Nyi Ronggeng jeung Jajaka Gandang turun tina panggung muru ka hiji tempat. Teu aya nu apal ieu Nyi Ronggeng di bawana kamana.
Kocapkeun beurangna warga kampung Lampegan jadi geunjleung,“ Nyi Ronggeng leungit..........., Nyi Ronggeng  dibawa siluman ....., Nyi Ronggeng dijadikeun parepeh torowongan..........”, beja pabeja-beja masarakat di sabuderen Gunungkeneng  pada gunem catur nyaritakeun kajadian anu kawilang aheng. Ceuk sakaol Nyi Ronggeng dijadikeun parepeh torowongan KA, ceuk sakaol deui dibawa siluman anu ngageugeuh torowongan jeung Gunungkeneng.
 Misteri Nyi Ronggeng Sadea estu bener  kajadian nyata lain rekayasa. Sabagian warga percaya yen Nyi Ronggeng Sadea jadi siluman anu ngageugeuh torowongan jeung Gunungkeneng, malah aya anu nyaritakeun cenah pernah ngawenehan papanggih jeung Nyi Ronggeng Sadea di jero torowongan oge di lingkungan pabrik enteh Gunungkancana.
Mung sakitu anu kapihatur pamugi ageung pangapunten tina sagala kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun, permios............. cag.
                                                                                                                Di ropea ku
                                                                                                           
                                                                                                                Nanang S.
                                                                                                                Cibitung 2

Sasakala  Kampung Lampegan

Aya hiji kampung anu pernahna di tapal wates antara Kabupaten Cianjur jeung Kabupaten Sukabumi, anu di jadikeun tapal wates teh nyaeta hiji gunung ngarana Gunungkeneng. Disabuderen eta gunung ku pamarentah Hindia Walanda di jadikeun areal opat onder niemeng (perkebunan), nyaeta perkebunan Gunungkancana, Harjasari, Gunungrosa, jeung Gunungmanik.
Ngaronjatna produksi enteh ti opat perkebunan kalayan ngagunakeun jalan batu anu sakitu heuret tur jauh tangtu jadi hiji pasualan, pamarentah Hindia Walanda babarengan jeung opat perkebunan ngarencanakeun ngawangun jalan kareta anu naghubungkeun kota Cianjur - Sukabumi sanajan kudu ngorowot taneh Gunungkeneng anu ngabutuhkeun waragad teu saeutik.
Sarengsena paresmian jalan jeung torowongan KA, kagiatan patali marga oge perekonomian kampung Cihanjuang ningkat jeung beuki rame bae, kampung Cihajuang pada ngajojo ku para pendatang anu neangan kasab. Kahirupan wargana makmur, Kampung Cihanjuang jadi pusat industri, gudang-gudang panyimpenan enteh ti opat perkebunan  jeung gudang hasil pertambangan emas ngajajar  disagedengen rel kareta, aya toko encek anu dagang sembako, oge anu dagang pakean, kantor pos,  malah tukang dagang daging sapi oge aya.
Aya kajadian anu balukarna ngarobah ngaran kampung Cihanjuang jadi kampung Lampegan. Eta kajadian teh nyaeta kagiatan rutin di stasiun kareta api. Sawaktu patugas  stasiun kareta api marentah ka masinis kalayan ngagunakaeun basa Walanada supaya ngahurungkeun lampu lokomotiv samemeh moncor torowongan. Anu kieu basana teh : “ steek lampen aan !” . Parentah Patugas stasiun eta dijawab ku pa masinis : “Kleer om te hosten”. Kajadian eta kadangu tur kasakseni ku sabagian para penumpang kareta api oge para pendatang nu rek neangan kasab ka kampung Cihanjuang. “oh...., ieu kampung teh ngarana kampung Lampegan”. Jadi jeulas ngaran Lampegan teh asalna tina basa Walada tina kecap steek lampen  aan  nu hartina hurungkeun lampuna.
Lampegan kiwari jauh beda upama dibandingkeun jeung Lampegan baheula, torowongan  anu jadi maskot Lampegan urug taun 1997 sanajan geus rengse diomean tapi tetep robah teu siga torowongan baheula. Lampegan kiwari kaasup daerah IDT, waragana rea nu miskin, malah ker nyumponan resiko dapur oge 40 % wargana di gawe di luar daerah, sanajan perkebunan teh warisan ti Walanda masih keneh jalan, tapi gajih ayeuna teu saimbang jeung harga beubeulieun. Lampegan baheula kaayaan perekonomian wargana leuwih uncul ti daerah sejen, kaasup daerah kawasan industri.
Para sepuh pasti apal kana jajanan khas Lampegan nyaeta gulali tea, gulali teh kecap memet anu hartina gula liat. Gulali dijieuna tina gula kawung di taheur di campur jahe pikeun gulali rasa jahe, dicampur susu pieun gulali rasa susu. Gulali Lampegan kiwari ngan ukur ngarana wungkul, padahal pengrajin ahli gulali katurunana masih keneh jumeneng. Mugia kaharepna Gulali Lampegan  diberdayakeun kupamarentah pikeun ngarumat budaya kuliner satempat supaya Gulali Lampegan diproduksi deui sohor saperti Dodol Garut, wajit Cililin, tauco Cianjur, jeung sajabana.
Mugia kampung Lampegan kahareupna sing saperti Lampegan baheula anu makmur loba anu jaradi haji. Mung sakitu anu kapihatur pamugi ageung pangapunten tina sagala kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun, permios............. cag.
                                                                                                                Diropea ku
Nanang S.
SDN Cbitung 2

No comments:

Post a Comment