Asal Usul Kampung
Lampegan
Aya hiji kampung anu pernahna aya di tapal wates antara Kabupaten
Cianjur jeung Kabupaten Sukabumi, anu di jadikeun tapal wates teh nyaeta hiji
gunung ngarana Gunungkeneng. Disabuderen eta gunung ku pamarentah Hindia
Walanda di jadikeun areal opat onder
niemeng (perkebunan), nyaeta perkebunan Gunungkancana, Harjasari,
Gunungrosa, jeung Gunungmanik.
Ngaronjatna produksi teh ti opat perkebunan kalayan ngagunakeun jalan
batu anu sakitu heuret tur jauh tangtu jadi hiji pasualan, pamarentah Hindia
Walanda babarengan jeung opat perkebunan ngarencanakeun ngawangun jalan kareta
anu naghubungkeun kota Cianjur - Sukabumi sanajan kudu ngorowot taneh
Gunungkeneng anu ngabutuhkeun waragad teu saeutik.
Waktu ngaresmikeun jalan jeung torowongan kareta api, pamarentah Hindia
Walanda ngadatangkeun rombongan Seni Sunda anu ronggengna geus moyan dina waktu
harita nyaeta Nyi Sadea tea. Nyi Ronggeng Sadea nyaeta sri panggung anu geulis rupana,
ngahaja di datangkeun pikeun muaskeun ngahibur warga.
Dina prungna acara paresmian kampung Cihajuang jadi lautan jalma, pada
kataji ku Nyi Ronggeng, umumna kaum lalaki pada kasengsrem pada hayang kaalem,
teu lebar mere duit kadeudeh teu hanjakal eusi kanyutkunang udulan, pajarkeun
teh nu penting puas hate cenah.
Samemeh pungkasna acara hiburan, aya jajaka gandang anu teu dikenal ku
warga satempat ngajak ka Nyi Ronggeng menta dibaturan. Pok si jajaka tea
ngomong :
Jajaka :
“nyai..., kersa teu ngabaturan akang ti sesa weungi ieu dugi ka isuk..., akang
teh kataji....,
akang moal tibra sare upama kahayang can katedunan !, kumaha
geulis.......?”.
Nyi Sadea salaku sri panggung gelenyu bae imut
bari pok ngajawab :
Nyi ronggeng : “sumangga,
asaal.....!,”.
Jajaka
: “Asal naon nyai ?”.
Nyi Ronggeng :
“asal.., saluyu jeung tetekon sakumaha mistina”
Jajaka
: “oh...., tong salempang akang surti, sabaraha pamenta nyai akang pasti....
nyaluyuan
Sanggeus
pasini, Nyi Ronggeng jeung Jajaka Gandang turun tina panggung muru ka hiji tempat.
Teu aya nu apal ieu Nyi Ronggeng di bawana kamana.
Kocapkeun beurangna warga kampung Cihanjuang jadi geunjleung,“ Nyi
Ronggeng leungit..........., Nyi Ronggeng dibawa siluman ....., Nyi Ronggeng dijadikeun
parepeh torowongan..........”, beja pabeja-beja masarakat di sabuderen
Gunungkeneng pada gunem catur
nyaritakeun kajadian anu kawilang aheng. Ceuk sakaol Nyi Ronggeng dijadikeun
parepeh torowongan KA, ceuk sakaol deui dibawa siluman anu ngageugeuh
torowongan jeung Gunungkeneng.
Misteri Nyi Ronggeng Sadea estu
bener kajadian nyata lain rekayasa.
Sabagian warga percaya yen Nyi Ronggeng Sadea jadi siluman anu ngageugeuh
torowongan jeung Gunungkeneng, malah aya anu nyaritakeun cenah pernah ngawenehan
papanggih jeung Nyi Ronggeng Sadea di jero torowongan oge di lingkungan pabrik
enteh Gunungkancana.
Sarengsena paresmian jalan jeung torowongan KA, kagiatan patali marga oge
perekonomian kampung Cihanjuang ningkat jeung beuki rame bae, kampung Cihajuang
pada ngajojo ku para pendatang anu neangan kasab. Kahirupan wargana makmur,
Kampung Cihanjuang jadi pusat industri, gudang-gudang panyimpenan enteh ti opat
perkebunan jeung gudang hasil
pertambangan emas ngajajar disapanjang
rel kareta, aya toko encek anu dagang sembako, oge anu dagang pakean, kantor
pos, malah tukang dagang daging sapi oge
aya.
Aya kajadian anu balukarna ngarobah ngaran kampung Cihanjuang jadi
kampung Lampegan. Eta kajadian teh nyaeta kagiatan rutin di stasiun kareta api.
Sawaktu patugas stasiun kareta api
marentah ka masinis kalayan ngagunakaeun basa Walanada supaya ngahurungkeun
lampu lokomotiv samemeh moncor torowongan. Anu kieu basana teh : “
steek lampen aan !” . Parentah Patugas stasiun eta dijawab ku pa
masinis : “siap pa”. Kajadian eta kadangu tur kasakseni ku sabagian para
penumpang kareta api oge para pendatang nu rek neangan kasab ka kampung
Cihanjuang. “oh...., ieu kampung teh ngarana kampung Lampegan”. Jadi jeulas
ngaran Lampegan teh asalna tina basa Walada tina kecap steek lampen aan
nu hartina hurungkeun lampuna.
Lampegan kiwari jauh beda upama dibandingkeun jeung Lampegan baheula, torowongan anu jadi maskot Lampegan urug taun 1997
sanajan geus rengse diomean tapi tetep robah teu siga torowongan baheula.
Lampegan kiwari kaasup daerah IDT, waragana rea nu miskin, malah ker nyumponan
resiko dapur oge 40 % wargana di gawe di luar daerah, sanajan perkebunan teh
warisan ti Walanda masih keneh jalan, tapi gajih ayeuna teu saimbang jeung
harga beubeulieun. Lampegan baheula kaayaan perekonomian wargana leuwih uncul
ti daerah sejen, kaasup daerah kawasan industri.
Para sepuh pasti apal kana jajanan khas Lampegan nyaeta gulali tea, gulali
teh kecap memet anu hartina gula liat. Gulali dijieuna tina gula kawung di
taheur di campur jahe pikeun gulali rasa jahe, dicampur susu pieun gulali rasa
susu. Gulali Lampegan kiwari ngan ukur ngarana wungkul, padahal pengrajin ahli
gulali katurunana masih keneh jumeneng. Mugia kaharepna Gulali Lampegan diberdayakeun kupamarentah pikeun ngarumat
budaya kuliner satempat supaya Gulali Lampegan diproduksi deui sohor saperti
Dodol Garut, wajit Cililin tauco Cianjur, jeung sajabana.
Mugia kampung Lampegan kahareupna sing saperti Lampegan baheula anu
makmur loba anu jaradi haji. Mung sakitu anu kapihatur pamugi ageung
pangapunten tina sagala kalepatan sareng kakirangan, permios............. cag.
Di
tulis ku
Nanang S.
Cibitung
2
LEGENDA NYI RONGGENG SADEA
Torowongan Lampegan teh
mangrupakeun hiji torowongan anu pangpanjangna di Indonesia anu diwangun ku
pamarentah kolonial Hindia Walanda. Wangunan torowongan Lampegan identik jeung
dongeng leungitna sacara misterius Nyi Ronggeng Sadea,
Cenah waktu ngaresmikeun
jalan jeung torowongan kareta api, pamarentah Hindia Walanda ngadatangkeun
rombongan seni sunda anu ronggengna geus
moyan dina waktu harita nyaeta Nyi Sadea tea. Nyi Ronggeng Sadea nyaeta sri
panggung anu geulis rupana, ngahaja di datangkeun pikeun muaskeun ngahibur warga.
Dina prungna acara paresmian kampung Lampegan jadi lautan jalma, pada
kataji ku Nyi Ronggeng, umumna kaum lalaki pada kasengsrem pada hayang kaalem,
teu lebar mere duit kadeudeh teu hanjakal eusi kanyutkunang udulan, pajarkeun
teh nu penting puas hate cenah.
Samemeh pungkasna acara hiburan, aya jajaka gandang anu teu dikenal ku
warga satempat ngajak ka Nyi Ronggeng menta dibaturan. Pok si jajaka tea
ngomong :
Jajaka :
“nyai..., kersa teu ngabaturan akang ti sesa weungi ieu dugi ka isuk..., akang
teh kataji...., akang moal tibra
sare upama kahayang can katedunan !,
kumaha geulis.......?”.
Nyi Sadea salaku sri panggung gelenyu bae
imut bari pok ngajawab :
Nyi ronggeng :
“sumangga, asaal.....!,”.
Jajaka
: “Asal naon nyai ?”.
Nyi Ronggeng :
“asal.., saluyu jeung tetekon sakumaha mistina”
Jajaka
: “oh...., tong salempang akang surti, sabaraha pamenta nyai akang pasti....
nyaluyuan
Sanggeus
pasini, Nyi Ronggeng jeung Jajaka Gandang turun tina panggung muru ka hiji
tempat. Teu aya nu apal ieu Nyi Ronggeng di bawana kamana.
Kocapkeun beurangna warga kampung Lampegan jadi geunjleung,“ Nyi
Ronggeng leungit..........., Nyi Ronggeng
dibawa siluman ....., Nyi Ronggeng dijadikeun parepeh
torowongan..........”, beja pabeja-beja masarakat di sabuderen
Gunungkeneng pada gunem catur
nyaritakeun kajadian anu kawilang aheng. Ceuk sakaol Nyi Ronggeng dijadikeun
parepeh torowongan KA, ceuk sakaol deui dibawa siluman anu ngageugeuh
torowongan jeung Gunungkeneng.
Misteri Nyi Ronggeng Sadea estu
bener kajadian nyata lain rekayasa.
Sabagian warga percaya yen Nyi Ronggeng Sadea jadi siluman anu ngageugeuh
torowongan jeung Gunungkeneng, malah aya anu nyaritakeun cenah pernah ngawenehan
papanggih jeung Nyi Ronggeng Sadea di jero torowongan oge di lingkungan pabrik
enteh Gunungkancana.
Mung sakitu anu kapihatur pamugi ageung pangapunten tina sagala
kalepatan sareng kakirangan.
Hatur nuhun, permios............. cag.
Di ropea ku
Nanang S.
Cibitung
2
Sasakala
Kampung Lampegan
Aya hiji kampung anu pernahna di tapal wates antara Kabupaten Cianjur
jeung Kabupaten Sukabumi, anu di jadikeun tapal wates teh nyaeta hiji gunung
ngarana Gunungkeneng. Disabuderen eta gunung ku pamarentah Hindia Walanda di
jadikeun areal opat onder niemeng (perkebunan),
nyaeta perkebunan Gunungkancana, Harjasari, Gunungrosa, jeung Gunungmanik.
Ngaronjatna produksi enteh ti opat perkebunan kalayan ngagunakeun jalan
batu anu sakitu heuret tur jauh tangtu jadi hiji pasualan, pamarentah Hindia
Walanda babarengan jeung opat perkebunan ngarencanakeun ngawangun jalan kareta
anu naghubungkeun kota Cianjur - Sukabumi sanajan kudu ngorowot taneh
Gunungkeneng anu ngabutuhkeun waragad teu saeutik.
Sarengsena paresmian jalan jeung torowongan KA, kagiatan patali marga oge
perekonomian kampung Cihanjuang ningkat jeung beuki rame bae, kampung Cihajuang
pada ngajojo ku para pendatang anu neangan kasab. Kahirupan wargana makmur,
Kampung Cihanjuang jadi pusat industri, gudang-gudang panyimpenan enteh ti opat
perkebunan jeung gudang hasil
pertambangan emas ngajajar disagedengen rel
kareta, aya toko encek anu dagang sembako, oge anu dagang pakean, kantor
pos, malah tukang dagang daging sapi oge
aya.
Aya kajadian anu balukarna ngarobah ngaran kampung Cihanjuang jadi
kampung Lampegan. Eta kajadian teh nyaeta kagiatan rutin di stasiun kareta api.
Sawaktu patugas stasiun kareta api
marentah ka masinis kalayan ngagunakaeun basa Walanada supaya ngahurungkeun
lampu lokomotiv samemeh moncor torowongan. Anu kieu basana teh : “
steek lampen aan !” . Parentah Patugas stasiun eta dijawab ku pa
masinis : “Kleer om te
hosten”. Kajadian eta kadangu tur kasakseni ku sabagian para
penumpang kareta api oge para pendatang nu rek neangan kasab ka kampung
Cihanjuang. “oh...., ieu kampung teh ngarana kampung Lampegan”. Jadi jeulas
ngaran Lampegan teh asalna tina basa Walada tina kecap steek lampen aan
nu hartina hurungkeun lampuna.
Lampegan kiwari jauh beda upama dibandingkeun jeung Lampegan baheula,
torowongan anu jadi maskot Lampegan urug
taun 1997 sanajan geus rengse diomean tapi tetep robah teu siga torowongan
baheula. Lampegan kiwari kaasup daerah IDT, waragana rea nu miskin, malah ker
nyumponan resiko dapur oge 40 % wargana di gawe di luar daerah, sanajan
perkebunan teh warisan ti Walanda masih keneh jalan, tapi gajih ayeuna teu
saimbang jeung harga beubeulieun. Lampegan baheula kaayaan perekonomian wargana
leuwih uncul ti daerah sejen, kaasup daerah kawasan industri.
Para sepuh pasti apal kana jajanan khas Lampegan nyaeta gulali tea,
gulali teh kecap memet anu hartina gula liat. Gulali dijieuna tina gula kawung
di taheur di campur jahe pikeun gulali rasa jahe, dicampur susu pieun gulali
rasa susu. Gulali Lampegan kiwari ngan ukur ngarana wungkul, padahal pengrajin
ahli gulali katurunana masih keneh jumeneng. Mugia kaharepna Gulali
Lampegan diberdayakeun kupamarentah
pikeun ngarumat budaya kuliner satempat supaya Gulali Lampegan diproduksi deui
sohor saperti Dodol Garut, wajit Cililin, tauco Cianjur, jeung sajabana.
Mugia kampung Lampegan kahareupna sing saperti Lampegan baheula anu
makmur loba anu jaradi haji. Mung sakitu anu kapihatur pamugi ageung
pangapunten tina sagala kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun, permios............. cag.
Diropea ku
Nanang S.
SDN Cbitung 2